Ucapan Idul-Fitri Bahasa-Sunda-2016

Ucapan Idul Fitri 2016 Bahasa Sunda

Ucapan Lebaran atau Idul Fitri 2015 dalam bahasa Sunda, Ucapan Lebaran 2015-1436H dala bahasa Sunda, Ucapan SMS BBM Lebaran atau Idul Fitri 2015/1436H dalam bahasa Sunda
Ucapan Lebaran Bahasa Sunda
Bagi Anda yang berasal dari Jawa Barat yang berbahasa Sunda atau bagi Anda yang ingin memberikan ucapan lebaran atau idul fitri pakai bahasa Sunda untuk teman. kerabat atau relasi Anda yang dari Suku Sunda, berikut contoh  Ucapan Selamat Lebaran & Idul Fitri 2016/1437H dalam Bahasa Sunda.: 

Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran……. tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri…. mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri….. wilujeng boboran shiam 1436 H. Hapunten samudaya kalepatan.

Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1437 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu,mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. wilujeng boboran shiam 1437 H. Hapunten samudaya kalepatan.

Ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1 syawal 1437 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.

Bilih aya langkung saur bahe carek , Kaciwit kulit kabawa daging, Tunggul dirurut catang dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah, Mudut pangampura , Wilujeung boboran shiam 1437 H

Wening galih nu dipamrih , Jembar manah nu dipilampah , Wilujeng boboran shiam 1437 H,
kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.

Sugrining runtah kalepatan dina manah , nyeuri peurihna ati sanubari , mugia lubar ku silaturahmi,
Wilujeng boboran shiam 1437 H . Taqobalallahu minaa waminkum.

Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan , Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan Kalayan dibarengan ku kaikhlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan Wilujeng Boboran Syiam 1437 H

Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh,
meungpeung wanci can mustari., Neda dihapunten kana samudaya kalepatan,
bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Shiam 1437 H

Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya.. Wilujeng boboran shiam 1437 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran siam

Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. wilujeng boboran siam

Bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nukasuhun

Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali
silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran shiam 1437 H

Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda , mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya . Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Shiam 1437 H.

Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng boboran siam 1437 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.

Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1437 H ku kabungahan tur kaikhlasan.

Ti Lahir dugi ka Bathin.. Pamundut nu kapihatur , ligar manah ku kaikhlasan , tiasa ngalubarkeun, tina sanes kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur , lampah lali nincak salah , neda sihapuntenna. Wilujeng boboran shiam 1437 H

Wilujeng boboran siam 1437H. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.

Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “wilujeng boboran shiam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.

Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan.wilujeng boboran

Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Neda sihapunten

Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. hate sanubari meredih kedah silih bebaskeun, diri silih sucikeunn, mudah2an urang sadayana janten jalmi nu taqwa.amin

Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum, taqobalahuyakarim.

Niti wanci nu mustari , ninggang mangsa nusampurna , dina Idul Fitri anu ieu.. hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati.. tina khilaf sinareng dosa.. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran shiam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin.

Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum,taqobalahuyakarim.

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+

Related : Ucapan Idul-Fitri Bahasa-Sunda-2016

  • Ilmu Hasta Brata - Ilmu Kepemimpinan JawaMisteri Ilmu Kepemimpinan Jawa, Hasta Brata Dalam ajaran Jawa Kuno terdapat sebuah ilmu yang dipercaya dapat menaklukkan hati manusia, yaitu ajaran Hasta Brata. Aj ...
  • Primbon Weton Kamis PahingPrimbon sifat, watak, jodoh dan rejeki dari weton Kamis Paing.12. Kamis Pahing, neptunya: 8 + 9 = 17Primbon Weton Kamis PahingMenurut primbondotcom.blogspot.com. Weton K ...
  • 5 Rahasia Toh atas Sifat Manusia Toh/Tanda lahir di Pantat5 Rahasia Sifat Manusia menurut letak Tanda Lahir/Toh.Tanda lahir atau biasanya orang menyebut Toh atau Tompel adalah flek hitam bisa kecil bisa ...
  • Tanda dari Tikus ClurutTikus-ClurutTanda rumah di datangi Tikus Clurut Jika di dalam rumah didatangi Tikus Clurut, bagi si empunya rumah maka hal tersebut bertanda baik dan banyak rejekinya. ...
  • Alamate MANUK GAGAK ALAMATE MANUK GAGAKApabila kita mendengar suara Burung Gagak (Manuk Gagak) terus menerus pada waktu atau jam-jam yang tersebut di bawah ini; Alamate atau pertanda ...